A. Sajarah
Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng
Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman
buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu. Dina ieu jaman, sastra anu aya, teu
kapanggih ngaran pangarangna (anonim). Teu kawas pantun, carita-carita mithologia, pabél-pabél,
jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jsté. Tétéla pisan satra lisan leuwih
ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh
kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu
dimuat dina majalah jeung surat kabar.
B. Wangenan
Dongéng
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian.
Dongéng biasana sok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula.
Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad
karangan anu henteu kajadian saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré
kesan pamohalan tur ukuranana parondok (Budi Rahayu Tamsah). Dongéng téh mimiti
gelarna mangrupa wangun lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu
kapanggih saha nu ngarangna atawa anonim. Lantaran nyebar dina wangun lisan,
téks dongéng babari robah atawa leungit.
Dongéng mangrupa
salah sahiji golongan carita dina wangun prosa.
Nilik kana wandana jeung patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun
kaayaan baheula. Tokoh-tokoh dina
dongéng henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk
séjénna. Bisa oge nyaritakeun tempat.
C. Unsur-unsur
Dongéng
1. Téma,
nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji
carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca
atawa ngadéngékeun dongéng.
2. Galur
(plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu
sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur
dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti
mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta
galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.
3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma
atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4. Latar
(setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
5. Amanat,
nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina
dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun
hiji carita nu sagemblengna.
D. Ciri-ciri
Dongéng
1. Caritana
pondok, lanjeuran carita dina dongéng
biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok
didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana
kawatesanan.
2. Aya bagian
anu pamohalan.
3. Asup kana
wangun lancaran jeung ugeran.
4. Anonim
atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5. Mibanda
fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa
kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepikeuna sacara malibir tapi miboga
atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
6. Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika
anu béda jeung logika umum.
7. Sipatna
tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
8. Pola
ngadongéng sok angger.
E. Pungsi
Dongéng
Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu
masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina
upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman
robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina
asal-usul upacara-upacara ritual manusa nu nurutkeun kana kapercayaan. Dongéng
sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh
leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngéng
hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu di handap:
1. Ngarah
anak incu urang nyaho kana turunan.
2. Ngarah
anak incu urang nyaho kana pancakaki.
3. Ngarah
anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
4. Ngarah
anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali
parantina.
5. Ngarah
anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
6. Ngarah
pagawéan beurat karasa leuwih hampang.
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang
Sudarmoyo dina taun 1975, yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Intelegence Question
(I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus Ach (need for Achievement) nyaéta virus
nu ngamotipasi budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih
épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa
ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén
dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan
pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu
nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak
turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun
tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka
budakna.
F. Papasingan
Dongéng
1. Dongéng
Sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina
ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun
pasipatan, waték, jeung budi manusa, tapi diperankeun ku sato. Ilaharna dongéng
sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna kawas manusa, upama baé
bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongéng sato biasana watek palakuna geus
dipola. Contona carita Sakadang Kuya
jeung Sakadang Monyet.
Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet téh mangrupa
dongéng sasatoan asli ti Sunda. Bénteun jeung dongéng anu palakuna sato séjén.
Contona dongéng Sakadang Peucang, hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh ti
sastra Jawa.
2. Dongéng
Babad (sage)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu
nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Sagé mangrupa
carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris
sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu
pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.
3. Dongéng
Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun
lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun
tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta
dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra
deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.
4. Dongéng
Mite
Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji
jalma anu dianggap karamat ku masarakat.
Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita
dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana nu
maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, jeung
tanda-tanda alam. saperti sangu, jagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi Sri,
Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng
Ngipri.
5. Dongéng
Pieunteungan
Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa
tauladan pikeun kahirupan manusa. Bisa dongéng jalma biasa atawa sasatoan.
Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
6. Dongéng
Pamuk
Dongéng pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan
atawa kasaktén hiji jalma tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian
sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita
''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah
Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu
pernah maréntah wewengkon Pasundan.
7. Dongéng
Légénda
Dongéng légénda nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul
hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa
golongan carita anu geus turun tumurun, anu geus jadi milik sagolongan
masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. Papasingan Legenda :
1. Legenda
Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu
geus dikumpulkeun diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan
Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste.
2. Legenda Alam
gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk
nu gaib.
3. Legenda
tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya
kajadianana.
4. Legenda
tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji
tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung,
pasir-pasir, jurang, jsb. Contona nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit,
Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.
G. Metode
Pangajaran Dongéng
1.
Tekhnik-tekhnik Ngadongéng
a. Maca langsung
tina buku
Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku
dongéng anu pikareseupeun nu cocok di bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng
bisa dipahami ku barudak nyaéta pesen nu didugikeun bisa diserep tur paham yén
kalakuan dina dongéng téh bener atawa salah.
b. Ngadongéng
ngagunakeun ilustrasi tina gambar
Teknhik ieu éféktif lamun dongéng anu didugikeun dibarengan
ku ilustrasi gambar tina buku anu pikaresepeun budak. Nyaritakeun dongéng maké
ilustrasi gambar téh, maksudna pikeun ngajelaskeun pesen-pesen anu aya dina
caritaan.
c. Nyaritakeun
dongéng sacara langsung
Tekhnik ieu éféktif digunakeun lamun guru nyadiakeun dongéng
anu bisa narik karesep siswa. Teknik ieu mangrupakeun teknik anu paling simpel,
sabab teu mikabutuh kana média anu séjénna.
d. Ngadogéng
ngagunakeun papan flannel
Cara ngajieun papan flannel nyaéta ku cara ngalapisan papan
ku kaén flannel nu warnana netral, terus gambar tokoh-tokoh anu ngawakilan
watak dina dongéng éta digunting polana dina kertas, terus ditémpelkeun dina
papan éta.
e. Ngadongéng
ngagunakeun bonéka
Biasana métode ieu mah disesuaikeun jeung umur sarta
pangalaman barudak, biasana barudak bakal resep pisan lamun dongéng dibacakeun
bari make bonéka.
f. Dramatisasi
dongéng
Dina métode ieu dongéng didugikeun ku cara maénkeun peran
anu aya dina éta dongeéng. Jadi barudak diajak pikeun meragakeun caritaan éta
dongéng sakumahana drama.
2. Nyaritakeun
dongéng sacara langsung
Aya sababaraha léngkah pikeun nyaritakeun dongéng sacara
langsung, nyaéta :
a. Pilih bacaan
anu alus kalayan ahir carita anu bagja. Leuwih alus pahami heula leuwih tiheula
eusi carita saméméh dibacakeun ka barudak.
b. Ajak barudak
sawala ngeunaan peunteun moral tina carita.
c. Pilih carita
anu sarua jeung kabiasaan goreng barudak. Melalui dongéng dipiharep barudak
bisa ngarobah kabiasaan éta.
d. Saacan
ngawitan nyarita, biasakeun ngawanohkeun heula judul buku, jeung ilustrasina
supaya barudak téh nyaho yén satiap buku téh aya judulan jeung nu nyieun
ilustrasi.
e. Atur intonasi
jeung éksprési, sanajan ngan saukur maca, tapi kudu tetep metot minat anak kana
caritaan anu dibacakeun.