web widgets

Rabu, 23 April 2014

PANGAJARAN DONGÉNG


A.      Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng
Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu. Dina ieu jaman, sastra anu aya, teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim). Teu kawas pantun,  carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jsté. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat kabar.

B.       Wangenan Dongéng
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian. Dongéng biasana sok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula.
Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok (Budi Rahayu Tamsah). Dongéng téh mimiti gelarna mangrupa wangun lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu kapanggih saha nu ngarangna atawa anonim. Lantaran nyebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.
 Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa.  Nilik kana wandana jeung patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun kaayaan baheula. Tokoh-tokoh dina  dongéng henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna. Bisa oge nyaritakeun tempat.



C.       Unsur-unsur Dongéng
1.         Téma, nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.
2.         Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.
3.         Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4.         Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
5.         Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.

D.      Ciri-ciri Dongéng
1.         Caritana pondok,  lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.
2.         Aya bagian anu pamohalan.
3.         Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
4.         Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5.         Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepikeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
6.         Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
7.         Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
8.         Pola ngadongéng sok angger.

E.       Pungsi Dongéng
Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nu nurutkeun kana kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu di handap:
1.             Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.
2.             Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
3.             Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
4.             Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.
5.             Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
6.             Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975, yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus Ach (need for Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.

F.        Papasingan Dongéng
1.         Dongéng Sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa, tapi diperankeun ku sato. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran.  Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Contona  carita Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet.
Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet téh mangrupa dongéng sasatoan asli ti Sunda. Bénteun jeung dongéng anu palakuna sato séjén. Contona dongéng Sakadang Peucang, hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh ti sastra Jawa.
2.         Dongéng Babad (sage)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.
3.         Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.
4.         Dongéng Mite
Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat ku masarakat.  Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung  kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana nu maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, jeung tanda-tanda alam. saperti sangu, jagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.

5.         Dongéng Pieunteungan
Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. Bisa dongéng jalma biasa atawa sasatoan. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
6.         Dongéng Pamuk
Dongéng pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan.
7.         Dongéng Légénda
Dongéng légénda nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa golongan carita anu geus turun tumurun, anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa.  Papasingan Legenda :
1.        Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste.
2.        Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.
3.        Legenda tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.
4.        Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.

G.           Metode Pangajaran Dongéng
1.      Tekhnik-tekhnik Ngadongéng
a.       Maca langsung tina buku
Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku dongéng anu pikareseupeun nu cocok di bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng bisa dipahami ku barudak nyaéta pesen nu didugikeun bisa diserep tur paham yén kalakuan dina dongéng téh bener atawa salah.
b.      Ngadongéng ngagunakeun ilustrasi tina gambar
Teknhik ieu éféktif lamun dongéng anu didugikeun dibarengan ku ilustrasi gambar tina buku anu pikaresepeun budak. Nyaritakeun dongéng maké ilustrasi gambar téh, maksudna pikeun ngajelaskeun pesen-pesen anu aya dina caritaan.
c.       Nyaritakeun dongéng sacara langsung
Tekhnik ieu éféktif digunakeun lamun guru nyadiakeun dongéng anu bisa narik karesep siswa. Teknik ieu mangrupakeun teknik anu paling simpel, sabab teu mikabutuh kana média anu séjénna.
d.      Ngadogéng ngagunakeun papan flannel
Cara ngajieun papan flannel nyaéta ku cara ngalapisan papan ku kaén flannel nu warnana netral, terus gambar tokoh-tokoh anu ngawakilan watak dina dongéng éta digunting polana dina kertas, terus ditémpelkeun dina papan éta.
e.       Ngadongéng ngagunakeun bonéka
Biasana métode ieu mah disesuaikeun jeung umur sarta pangalaman barudak, biasana barudak bakal resep pisan lamun dongéng dibacakeun bari make bonéka.
f.       Dramatisasi dongéng
Dina métode ieu dongéng didugikeun ku cara maénkeun peran anu aya dina éta dongeéng. Jadi barudak diajak pikeun meragakeun caritaan éta dongéng sakumahana drama.

2.      Nyaritakeun dongéng sacara langsung
Aya sababaraha léngkah pikeun nyaritakeun dongéng sacara langsung, nyaéta :
a.       Pilih bacaan anu alus kalayan ahir carita anu bagja. Leuwih alus pahami heula leuwih tiheula eusi carita saméméh dibacakeun ka barudak.
b.      Ajak barudak sawala ngeunaan peunteun moral tina carita.
c.       Pilih carita anu sarua jeung kabiasaan goreng barudak. Melalui dongéng dipiharep barudak bisa ngarobah kabiasaan éta.
d.      Saacan ngawitan nyarita, biasakeun ngawanohkeun heula judul buku, jeung ilustrasina supaya barudak téh nyaho yén satiap buku téh aya judulan jeung nu nyieun ilustrasi.

e.       Atur intonasi jeung éksprési, sanajan ngan saukur maca, tapi kudu tetep metot minat anak kana caritaan anu dibacakeun.

kata pengantar

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Hai! Nama saya Inda Damayanti. Teman-teman dan keluarga biasa memanggil saya Inda.
Saya sekolah di SMA Negeri 1 Purwakarta, kelas X IPA 4. Saya menyusun blog ini dalam rangka memenuhi tugas yang diberikan oleh guru Bahasa Indonesia saya, Bapak Rusyidi. Walau blog ini sudah saya pergunakan dari dulu dalam tugas yang sama sebelumnya. Dan juga saya membuat blog ini untuk menyampaikan beberapa informasi yang saya miliki, serta meningkatkan kemampuan dalam berbahasa. Pada zaman ini, banyak situs-situs yang menurut saya tidak penting bahkan tidak layak untuk dibaca oleh publik. Sehingga saya akan menyusun blog ini sebaik mungkin agar dapat diterima oleh publik. Semoga blog ini dapat memberikan informasi dan bermanfaat bagi pembaca. Amin..


Wassalamu'alaikum Wr. Wb.